Di mamana penjajah pada marudah Lantaran dikiritik Ku ahli nagara Yén éta lampah jahat Tatapi kalah mudigdig Ambek-ambekan Dasar nu buta-tuli Beuki bengis adatna teu suda-suda Dasar nu kasar budi Ngagawekeun jalma henteu jeung kira-kira Anu teu nurut dibui Nandang siksaan Kejem teu aya tanding *Sekar Tandak Pupuh Durma* Di mamana si penjajah Pada amarah marudah Manan kapok anggur gawok Najan dipoyok dirojok Nagri sabuana Umumna nyarela Nyempad rosa, politik penjajah Tapi nu ngajajah Teu pasrah, teu sadrah Terus meres, ngahina ngarinah Nu sarakah beuki nista Adat kaurug ku iga Ngerja bodo ka sasama Nyocrok nyeuseupan hasilna Nagri nu dijajah seunggah susah payah Ringkus bangkol nandangan siksaan Nu ngajajah kejem dipunjung dialem