Lirik na dulur, bilih hoyong ngiring nyanyi, raos pisan. Basa bulan dilangit tinggal saparapat Aya waleran ngagantung teu kungsi parat Naha kunaon anjeun beut ngarasa pegat Padahal urang nyantel duriat Naha kadeudeuh bisa unggut kalinduan Naha kaasih bisa gedag kaanginan Ngarasa leungiteun panutan pamuntangan Pedah paanggang mangbulan bulan Cinta nu sajati moal pupus ku jarak Cinta sajati moal pupus ku waktu Naha luwas anjeun narima nu lian Gera reureuh ngabohongan diri Bade kasaha.. bade numana.. Ulah nyiksa ka duanana.. Bade kasaha.. bade numana.. Ulah khianat ka duanana.. Bade kasaha.. bade numana.. Ulah tega ngulinkeun rasa.. Bade kasaha.. bade numana.. Anu sajati, nu mawa bagja..
Dugika danget ayeuna masih manteng kana tembang" na kang doel. Moal la'as ku jaman..kang doel miwah kanca mitra sadaya pamugi dipaparin kasehatan.. Aamiin Aamiin
Abi Nembe Terang aya lagu ieu..Auto Subscrib Kanggo Kang Doel..Mugia Sehat2 Saterasna nya Kang.. Ti SD Abi Ku Pun Bapa Biasa Di Setelin Lagu2 Kang Doel..
Di luar nagri keur rame parerang....di nagri urang keur loba nu viral.... tp kuring mah rek nga dangukeun kang doel nyanyi ah.... ngareunaheun...ubar ngalamun...bravo kang asep ( doel sumbang )
Sukses selalu kang Wahyu Afandi sanajan Abi CN kantos pendak jg salira Abi ti budak dugi k ayena sangat sangat ngefans k salira kang Wahyu Afandi ( Doel sumbang)
Duh kang doel sumbang, cing atuh nyieun lagu deui anu jiga th 80an insya Allah di lampung rindu ku lagu akang, inget baheula di lampung keur sma mun angkot teu nyetel lagu doel sumbang moal aya anu naek🤣🤣
Terakhir ngumpul di The Panas Dalam Cafe, waktos acara Tribute to Yuki Pas Band pami teu lepat mah. Kang Doel meni asa awet muda😀 Sehat tur rahayu salamina,Kang
Lirikna raoseun pisan kang Doel...! Pas sareung lalakon cinta abdi & anjeuna 👍 najan paanggang & jarang patepang tapi kanyaah ieu moal robah, pangpangna mah kanggo buah kacinta urang duaan (V, I, Z)
Sehat slalu to kang doel.. To kang doel mksih banyak udah ngeluarin lagu" sunda bru nya.. sya sneng bget.. 🙏☺️ Slama ini sya bner" nunggu bget lagu" sunda kang doel.. skli lgi mksih kang.. 🙏☺️
Kang kumaha damang? Sukur alhmdllah euy jalmi nu erat terus mempopulerkan budaya sunda tampil deui.sukses kang doa pidoa l love doel sumbang semoga sing dibere kasehatan selalu aminnn...
Doel Sumbang, seniman sunda, paling kasohor, ti zaman abdi lemet dugi kaayeuna, karya2 Na teu leungit kahapus waktu, salam hormat, salam kareueus jadi urang sunda. Sehat slalu kang doel sumbang....
Kang doel..mugia sehat trs..mun tiasa mh kedah aya nu ngalanjutkeun lagu budaya sunda..abdi d banten ge tebih ti jabar asa cakeut we ari nagdangu lagu kang doel mah..nuhun tos masihan lagu nu raos kiyeu..