Тёмный

CACANDRAN ‼️ LAGU SEJARAH PAJAJARAN ‼️ KACAPI SULING plus LIRIK 

AMET AVATTAR
Подписаться 1,1 тыс.
Просмотров 63 тыс.
50% 1

CACANDRAN ‼️ LAGU SEJARAH PAJAJARAN ‼️ KACAPI SULING
Cacandran para luluhur
Ciri bumi dayeuh panca tengah
Ciri dayeuh panca tengah
Lemah duwurna..lebak lengkobna
Lemah padataranana
Nagara mukti wibawana
Perlambangna Congkrang Kujang papasangan
Yasana para dewata,,teu sulaya dinyatana
Pasundan tanahna subur
Gemah ripah ma'mur loh jinawi
Gemah ripah loh jinawi
Gunung-gunungna,,,cur cor caina
ngeplak pasawahanana
Cukul sugih pangebona
Karaharjaan mencar mawur kajauhna
Nagri nanjung panjang punjung
Murah sandang murah pangan
Sunda surup kana Tangtung
Sunda sieup nimbang kana wanda,
sunda nimbang kana manah
Ajeg adegna,,budi basana
Teu narakeun wawanenna
someah narima semah
Matak betah anu ngadon bubuara
Tara ebreh Pangartina
Teu nembongkeun kabisana
Cacandran para luluhur
Ciri bumi dayeuh panca tengah
Ciri dayeuh panca tengah
Lemah duwurna..lebak lengkobna
Lemah padataranana
Nagara mukti wibawana
Perlambangna Congkrang Kujang papasangan
Yasana para dewata,,teu sulaya dinyatana
#bandung #wedding #jabar #sunda #pajajaran #kacapisulingsunda #sejarah #liriklagu

Опубликовано:

 

21 сен 2024

Поделиться:

Ссылка:

Скачать:

Готовим ссылку...

Добавить в:

Мой плейлист
Посмотреть позже
Комментарии : 61   
@djahrotoyib7522
@djahrotoyib7522 6 дней назад
Masyaa Allah ingat masa kecilku saat itu , baru kls 5 SD di jabar ( ciamis ) mnjelang kenaikan kls selalu naik panggung + mnyanyikan lagu ini secara bersama sama ( koord
@ametavattar741
@ametavattar741 2 дня назад
Kenangan yang sangat manis ❤
@dadaabdullah-it5yt
@dadaabdullah-it5yt 18 дней назад
Assalamu alaikum, sampurasun, seuweuPAJAJARAN, siwi GUNUNG JATI🙏🙏🙏
@ametavattar741
@ametavattar741 17 дней назад
@@dadaabdullah-it5yt waalikumsalam, rampes... hatur nuhun
@djahrotoyib7522
@djahrotoyib7522 6 дней назад
Saat itu th 1963 an , ...sekrang cucu dh 10 , terima kasih ya Allah sdh mmberikan usia panjang & di berkahi NYA...
@ametavattar741
@ametavattar741 2 дня назад
Amin.. sehat selalu ya
@AkoKoswara
@AkoKoswara 23 дня назад
Sampurasun ka luluhur Karuhun pun paralun
@ametavattar741
@ametavattar741 2 дня назад
Salam baktos
@uunsunarun4024
@uunsunarun4024 21 день назад
Allhamdulillah.. reueus masih aya keneh nu keras ngamumule budaya tembang soenda.. Mugi nanjung nanjeur langgeng dugi ka mancanagara. . Ulah layu ku waktu ulah lekang ku jaman
@ametavattar741
@ametavattar741 21 день назад
@@uunsunarun4024 amin... haturnuhun pangdu'ana... doa nu sami kanggo salira
@tiffanytissa
@tiffanytissa 11 часов назад
Duh....mni waas , sundana mni nusuk kana jajantung. Reueus pisan . Menyala akang...🔥🔥🔥
@ametavattar741
@ametavattar741 11 часов назад
@@tiffanytissa muhun waraas nya.. hatur nuhun 🙏🙏
@DedeKurniasih-js1jy
@DedeKurniasih-js1jy 3 месяца назад
Sok emut nuju budak Agustian di Bandung Aya lagu Gondang lisung di luhur panggung ibu " maen eta Halu dokdak tapi resep suka seri ❤❤❤😂😂😂😂😂👍👍👍
@ametavattar741
@ametavattar741 3 месяца назад
Waraas nya gan , hatur nuhun tos mampir 🙏🙏🙏
@carsanspd4017
@carsanspd4017 12 дней назад
Duh waasna seni budaya sunda
@ametavattar741
@ametavattar741 12 дней назад
@@carsanspd4017 muhun .. endah pisan seni budaya sunda teh
@yoyosutaryo
@yoyosutaryo 5 месяцев назад
Mantap yoyo Chanel hadir ...
@ametavattar741
@ametavattar741 5 месяцев назад
Hatur nuhun gsn 🙏
@elisabethrowiatun6982
@elisabethrowiatun6982 12 часов назад
Ingat waktu SD nih. Tahun 80
@ametavattar741
@ametavattar741 12 часов назад
@@elisabethrowiatun6982 nostalgiaan atuh ya
@adangsugandi6530
@adangsugandi6530 28 дней назад
Hemah ripah loh jinawi
@ametavattar741
@ametavattar741 28 дней назад
@@adangsugandi6530 tah muhun. Gemah ripah loh jinawi
@didisetiadi1431
@didisetiadi1431 Месяц назад
Ki sunda...duuuh kuring sunda...
@ametavattar741
@ametavattar741 Месяц назад
@@didisetiadi1431 wilujeng wengi.. salam baktos 🙏
@JajaNuryadi-r3t
@JajaNuryadi-r3t 2 месяца назад
Gropet04hadir.wilujeng teupang sampur'rasun'
@ametavattar741
@ametavattar741 2 месяца назад
@@JajaNuryadi-r3t rampes... wilujeng tepang
@JajaNuryadi-r3t
@JajaNuryadi-r3t 2 месяца назад
Assllmu'allaikum wr wb..nemangkeun bpk ibu.teteh /bibi.abdi aja/ jaja nuryadi.ti grogol petambur"ran.jakarta barat di singkat janteun gropet. Manawi atmin percanteun.🙏🙏​@@ametavattar741
@JajaNuryadi-r3t
@JajaNuryadi-r3t 2 месяца назад
Kawih LEGEND.MENYALA pisan
@ametavattar741
@ametavattar741 2 месяца назад
@@JajaNuryadi-r3t muhun.. leres pisan
@BosBos-yh4uh
@BosBos-yh4uh 28 дней назад
Netepan. Helangupinglagu. Sunda. Sesah. Hilap na
@ametavattar741
@ametavattar741 28 дней назад
@@BosBos-yh4uh hatur nuhun atensina gan
@JajaNuryadi-r3t
@JajaNuryadi-r3t 2 месяца назад
Kawih LEGEND🙏
@ametavattar741
@ametavattar741 2 дня назад
Salam baktos
@Faktaduniahewanliar
@Faktaduniahewanliar 2 месяца назад
Aduh suantena raos pisan ang. . Sampurasun
@ametavattar741
@ametavattar741 2 месяца назад
@@Faktaduniahewanliar rampes,.. hatur nuhun gan 🙏
@KibuyutLejah
@KibuyutLejah 2 месяца назад
Mantap suaranya, enak didengar lagunya, matak wa'as matak kelar
@ametavattar741
@ametavattar741 2 месяца назад
@@KibuyutLejah hatur nuhun atensina 🙏🙏
@aderosadi5932
@aderosadi5932 4 месяца назад
Wangkid ayeuna.. marurangkalih urang tos diwulang ngobrol sadidinten ku basa enonesa...sakedap deui pami teras sapertos ayeuna...basa Sunda baris tumpur.....harianeun pisan
@ametavattar741
@ametavattar741 4 месяца назад
Leres pisan.. paur we, basa sunda teh sieun leungit
@prabusiliwangi9344
@prabusiliwangi9344 9 часов назад
lagu keur SMP tahun 90an
@ametavattar741
@ametavattar741 8 часов назад
Muhun.. lagu lawas nu matak waas
@studioseniarimbi2039
@studioseniarimbi2039 4 месяца назад
Mantap studios seni arimbi hadir,,,,,salam silaturahmi,,,subrek balik kang🙏
@ametavattar741
@ametavattar741 4 месяца назад
Hatur nuhun.. siap di subscribe balik ,, salam silaturahmi
@yoyosutaryo2717
@yoyosutaryo2717 2 месяца назад
Waas pisan
@ametavattar741
@ametavattar741 2 месяца назад
@@yoyosutaryo2717 muhun duh ni waraas
@mdimaz
@mdimaz 2 месяца назад
Sampur rasun
@ametavattar741
@ametavattar741 2 месяца назад
@@mdimaz rampes
@adhewahyudin1902
@adhewahyudin1902 Месяц назад
Raosen pisan
@ametavattar741
@ametavattar741 Месяц назад
@@adhewahyudin1902 muhun meni waraas nya.. hatur nuhun
@angelinealexandera4687
@angelinealexandera4687 Месяц назад
Hatur nuhun.
@ametavattar741
@ametavattar741 2 дня назад
Salqm baktos
@YaseenSun
@YaseenSun 5 месяцев назад
Cawang Bidaracina ngiring hadir kanggo ngadangukeun.. sim kuring nembe pisan ngadangu lagu ieu, katingalna mah siga nu buhun pisan ieu lagu teh.. tapi teu sawios, abdi ngiring bingah etang-etang kanggo nanjeurkeun budaya Sunda.. 🤩🤩🤩
@ametavattar741
@ametavattar741 5 месяцев назад
Hatur nuhun tos hadir.. muhun rupina mah lagu buhun ieu teh
@enokrohayati581
@enokrohayati581 2 месяца назад
Katambih abdi lmn nguping sunda buhun suka sedih emut abdi msh cucu buyutna ti Pajajaran .
@ametavattar741
@ametavattar741 2 месяца назад
@@enokrohayati581 eleuuuh... kasuat suat panginten nya
@mamansulaeman1084
@mamansulaeman1084 5 месяцев назад
asa rusras waraas emut ka mangsa nuju budak, ngadanguken cacandran unggal dinten minggu dina radio tatangga. gambaran nyata kota bandung harita sami sareng nu digambarken dina tembang cacandran. sok pirajenan ulin ka taman makam pahlawan cikutra atanapi ka kuburan cina cikadut. ninggal kota bandung jeung sabuderanna taya aling aling ngeplak sawahna, pakampungan jujumplukan. ngan pabrik gas nu aya di kiaracondong wangunan anu pang luhurna teh. asa bungah tiasa ngalaman nguping ti ngawitan radio transistor gelombang mw tug dugi ka radio di youtube.
@ametavattar741
@ametavattar741 5 месяцев назад
Estu pangalaman nu berharga pisan gan. tiasa nyawang bandung tikatebihan dijaman kapungkur... kagambarken dina lagu ieu.. Hatur nuhun atensina
@pakuhen
@pakuhen 3 месяца назад
👍👍👍👍👍🙏❤
@ametavattar741
@ametavattar741 3 месяца назад
🙏🙏🙏🙏
@wongcirebon1500
@wongcirebon1500 2 месяца назад
Seni budaya urang tong eleh ku budaya luar. Hayu urang mumule ngareksa sendi budaya Sunda.
@ametavattar741
@ametavattar741 2 месяца назад
@@wongcirebon1500 muhun, hayu urang mumule sasarengan
Далее
KACAPI SULING PAJAJARAN plus Lirik
5:05
Просмотров 28 тыс.
Tembang Sunda Cianjuran SASAKA DOMAS "CACANDRAN" Side A
29:58
kidung Suling Sunda
6:48
Просмотров 570
Song that drains tears #sadsong #music #sad
4:42
Просмотров 148 тыс.
Organ Negara dalam Kematian Munir | Putar Balik
16:14
Просмотров 456 тыс.
DEGUNG SUNDA
18:30
Просмотров 35 тыс.
Lirik kawih sunda - wengi enjing tepang deui
9:29
Просмотров 13 тыс.
Rajah - Kidung Rahayu - Sunda Mekar - Nataan Gunung
15:49