Тёмный

Curahan ahli kubur | Nadzom Sunda 

Risma Yunita
Подписаться 95 тыс.
Просмотров 4,1 тыс.
50% 1

Terimakasih untuk selalu mendukung channel ini! Jangan lupa tinggalkan jejak ya.
Semoga video nya bermanfaat, do'akan juga semoga Risma dan pembaca sehat-sehat dan di lancarkan urusan baik dunia maupun akhirat. Aamiin.
Follow : @rismayunita07_
From Channel : yt Rizal
Yaquluna lana yaa ahlal qusuuri
Yaquluna laa tan’ suu ahlal quburi
Yaa ma’syarol ikhwani irhamuna
Yarhamukumullahu bikhoiri lana
Kanjeung Rosulul kantos ngadawuhkeun
Ahli qubur ulah osok di pohokeun
Margi saban waktu teu pegat ngarepkeun
Ka salian ti nu hirup di dugikeun
Coba rungu panggilan ti ahli qubur
Saurna yaa ahlal qusur ahlal qusur
Anjeun seneng2 sare dina kasur
Naha teu emut ka kami ahli qubur
Lieuk taneuh lieuk taneuh mung nyalira
Rasa keueung sieun jauh ibu rama
Mana rencang kamana nya para putra
Kalah dongkap malaikat rek mariksa
Saur malaikat tea man Robbuka
Waman nabiyyuka wamaa qiblatuka
Wamaa imaamuka waman ikhwanuka
Mun salamet kana ngawaler tiasa
Dararongkap perkara anu kaliwat
Dosa teu tolab elmu dosa teu solat
Dosa ngabid’ah sareng dosa ma’siat
Dipariksa teu aya anu kaliwat
Nyakitu deui dosa henteu puasa
Zakat jeung munggah haji lamun kawasa
Dosa ka kolot ka dulur jeung tatangga
Dosa ka anak teu ngadidik agama
Hidep nu masih aya keneh di dunia
Hidep ulah ngumbar nafsu sing bageurnya
Nu ngumbar nafsuna keur waktu di dunia
Nalangsa hanyakal kaduhung nu aya
Kami seubeuh ngocorkeun kana ci soca
Tulang kami pacorok kulit maruka
Kami nyeuri aduh nya muntang kasaha
Tapi kami rumasa da tukang dosa
Kami mepelingan nu aya di dunia
Kade katipu agama sing waspada
Peupeuriheun balik ka dunia teu bisa
Sugan didu’akeun ku ahli di dunia
Coba sebat kasaean kami
Malah mandar jadi pangbubungah kami
Poma ulah nyebat ka awonan kami
Margi siksa karasana tambah nyeuri
Ahli kubur lir ka kerem jejeritan
Nyuhunkeun tulung milari pamuntang
Matak karunya komo mun di tambahan
Ku ahli nu hirup ku pama’siatan
Allahumma yaa Alloh nu hampuraan
Panggilan ahli qubur karunya pisan
Tapina bongan laku lampah sorangan
Alloh adil moal nyiksa sembarangan
Ya Alloh nu welas ka hamba nu dosa
Ahli qubur abdi mugi sing diraksa
Tina pakewuh qubur jeung tina siksa
Margi tetep Gusti nu gaduh kawasa
Waghfirhu waliman yaqro’ wastafhama
Wawafiqhum lilhaqqi hadza qod tamma
Aamiin yaa Alloh yaa ilahanal mu’iin
Solli wasallim linnadziri kulla hiini
#Pupujiansunda #nadhomsunda #syiiransantri #syairansunda #santrisalafy #siksa #sholat #adzab #qur'an #maot #ajal #ngaji #maot #ajalgeusdatang #dunia

Опубликовано:

 

23 сен 2024

Поделиться:

Ссылка:

Скачать:

Готовим ссылку...

Добавить в:

Мой плейлист
Посмотреть позже
Комментарии : 3   
@arsizaa3667
@arsizaa3667 9 месяцев назад
emut alm bapak, mugi sing kengeng rohmat😢
@adriyanaadriyana1749
@adriyanaadriyana1749 9 месяцев назад
Ya...alloh hampuara sgala perbuatan dosa nu di sengaja atanapi nu teu di sengaja abdi mah jalmi teu daya jeung upaya moal kuat nahan kana siksa naraka 😢 mugi gusti tiasa ngahampura sgala kalepatan aamin aamin yaa alloh yaa robballallamin.
@zoemguardian
@zoemguardian 8 месяцев назад
Ijin copas pupujianna teh 🙏🏻 ingsyaallah di angge pupujian sateu acan netepan subuh 😊🙏🏻
Далее
Ngagugu nafsu | Nadzom Sunda Pepeling Diri
11:48
Просмотров 12 тыс.
CURAHAN AHLI KUBUR - SYAIRAN SUNDA VERSI AKUSTIK
13:45
Просмотров 3,9 тыс.
Ozoda - Lada (Official Music Video)
06:07
Просмотров 5 млн
10 rupi siksa istri | Nadzom Sunda
7:47
Просмотров 2 тыс.
Pujian Sunda | ANU NGOCOR KA ALAM KUBUR
5:58
Просмотров 1,7 тыс.
Nadzom Sunda | Curahan Ahli Qubur
9:02
Просмотров 12 тыс.
Perbawa zaman | Nadzom sunda pepeling
17:38
Просмотров 8 тыс.
Ozoda - Lada (Official Music Video)
06:07
Просмотров 5 млн