Тёмный

MANG KOKO NUJU NGACAPI (Rekaman Video Pribadi) 

Akoer Lah
Подписаться 109 тыс.
Просмотров 12 тыс.
50% 1

Tema : Mengenal Salah Seorang Tokoh Seniman Karawitan Sunda Mang Koko
Koko Koswara, nénéhna Mang Koko, lahir di Kacamatan Indihiang, Tasikmalaya, 10 April 1917. Ramana Ibrahim alias Sumarta, aya teureuh ti Sultan Banten (Sultan Hasanuddin).
Anjeunna kagungan putra 8, diantawisna Tatang Benyamin Koswara (nu nuluykeun perjoangan Mang Koko, tug dugi ka rénghap pamungkas ), Ida Rosida (salah sawios juru kawih kakoncara, tiasa ogé jadi juru nembang, tur kungsi maén sinétron "Inohong di Bojongrangkong").
Atikan anjeunna dikawitan ti HIS (1932), MULO Pasundan (1935). Mang Koko kalebet anu ta'at sareng patuh kana agamana (Islam).
Padamelanna dikawitan ti taun 1937, mangsa bangsa urang nyanghareupan révolusi. Saterusna patutur-tutur didamel di: Balé Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank; Harian Cahaya (Cahaya Simbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Propinsi Jabar, guru anu saterasna janten Direktur Konservatori Karawitan Bandung (1961-1973); Dosen Luar Biasa di ASTI (Akademi Seni Tari Indonesia), Bandung, dugi ka pupusna ping 4 Oktober 1985.
====================================
BAKAT SENI SARENG KARYA-KARYANA
Bakat senina ngocor ti ramana anu kacatet salaku juru mamaos Ciawian jeung Cianjuran. Saterasna anjeunna diajar ku nyalira ti seniman-seniman ahli karawitan Sunda anu parantos moyan, ogé neuleuman hasil karya widang karawitan ti Radén Mahyar Anggakusumadinata (musikolog).
Anjeunna oge kacatet salaku anu ngadegkeun rupa-rupa pakumpulan kasenian, diantarana: Jenaka Sunda "Kaca Indihiang" (1946), "Taman Murangkalih" (1948), "Taman Cangkurileung" (1950), "Taman Setiaputra" (1950), "Kliningan Ganda Mekar" (1950), "Gamelan Mundinglaya" (1951), jeung "Taman Bincarung" (1958).
Ogé anjeunna anu ngadegkeun sakaligus jadi pupuhu munggaran ti "Yayasan Cangkurileung" puseur, anu cabang-cabangna sumebar di lingkungan sakola-sakola sakuliah Jawa Kulon. Anjeunna ogé anu ngadegkeun tur pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia" (ASKI), Bandung (1971). Kungsi anjeunna medalkeun majalah kasenian "Swara Cangkurileung" (1970-1983).
Karya cipta kawih-kawihna dikempelkeun dina buku-buku, boh anu kungsi dipedalkeun atawa anu masih mangrupa naskah-naskah, diantarana: "Resep Mamaos" (Ganaco, 1948), "Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952), "Ganda Mekar" (Taraté, 1970), "Bincarung" (Taraté, 1970), "Pangajaran Kacapi" (Balébat, 1973), "Seni Swara Sunda/Pupuh 17" (Mitra Buana, 1984), "Sekar Mayang" (Mitra Buana, 1984), "Layeutan Swara" (YCP, 1984), "Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan"; jrrd.
Karya-karyana sanés ukur dina widang kawih, nanging ogé dina widang seni drama sareng gending karesmen. Dina lebah dieu kacatet, upamana bae: "Gondang Pangwangunan", "Bapa Satar", "Aduh Asih", "Samudra", "Gondang Samagaha", "Berekat Katitih Mahal", "Sekar Catur", "Sempal Guyon", "Saha?", "Ngatrok", "Kareta Api", "Istri Tampikan", "Si Kabayan", "Si Kabayan jeung Raja Jimbul", "Aki-Nini Balangantrang", "Pangeran Jayakarta", "Nyai Dasimah".
=================================
PANGAJÉN KA MANG KOKO
Mang Koko ginuluran seueur pangajén, boh anu asalna ti pamaréntah, lembaga atawa organisasi masarakat (LSM), upamana baé: Piagam Wijayakusumah (1971), salaku pangajén pangluhurna ti pamaréntah puseur (id: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan) dina kategori "Sebagai Pembaharu dalam Bidang Seni Karawitan".
Tina riwayat ringkes kahirupan Mang Koko, urang bisa nyawang hiji tokoh anu masrahkeun jiwa ragana pikeun kahirupan jeung kalanggengan seni, hususna seni Sunda. Jembarna, pikeun anjeunna, merenah upami urang ngalélér gelar salaku "pahlawan panglelemes jiwa". Sabab, sakumaha kasauran anjeunna kénéh dina salah sahiji kawihna: seni téh ngarupakeun panglemes jiwa.
#mang_koko_koswara

Опубликовано:

 

10 окт 2024

Поделиться:

Ссылка:

Скачать:

Готовим ссылку...

Добавить в:

Мой плейлист
Посмотреть позже
Комментарии : 93   
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Bilih aya nu teu acan uninga biografi Mang Koko, mangga aos deskripsina handapeul judul.
@rizkybsk8815
@rizkybsk8815 4 года назад
Bos kudreng tea
@reisasia
@reisasia 4 года назад
@Akoer Lah Jazakullah Khoiron Katsiron Bapa Admin, anu parantos 'sharing' barang langki(digital) aset budaya sunda, Hatur Nuhun Katampi Mugia sing di bales kasaennana ku Allah SWT
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Aamiin.
@reisasia
@reisasia 4 года назад
@@AkoerLahSareng Mugia di paparin kasehatan, rizky nu ageung tur barokah, Ammin Ya Robal Alamin🙏, diantos uploadan2 salajeng na
@barrabegundal3677
@barrabegundal3677 2 года назад
jadi hayang muih k sumedang larang duh,,mari kita musdik,,
@sobarinunung8378
@sobarinunung8378 Месяц назад
Mantaaaaf kereeeen tegeeep..
@mochfaisaldahlan
@mochfaisaldahlan Год назад
Sudah sepatutnya nama beliau diabadikan, mang koko semoga ada dihati para pemuda zaman now amiin❤❤
@yuyuntresnawatialfani4999
@yuyuntresnawatialfani4999 2 года назад
Masya Allah...Alhamdulillah tiasa nyaksen bp H.Koko K nj ngacapi sok sanaos ngalangkungan vidio lawas... Mugia Alm.aya dina rohmat sinareng maghfiroh Allah SWT, tenang di alam kalanggengan, Abdi mikalandep pisan karya- karya anjeunna. Al Fatihah..🤲🤲🙏
@AkoerLah
@AkoerLah 2 года назад
Aamiin YRA.
@keylaalmira8561
@keylaalmira8561 4 года назад
Ass Ibu miwah bpk Abi kagagas pisan ... Emut kapungkur nuju janten siswi fi SMKI bandung nuju thn 1984 Ibu mugi diparinan sehat Kangge bpk abi ngadu'a mugi dugi ka surgana Amiiinn YRA
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Aamiin.
@hadikustiaman3712
@hadikustiaman3712 Год назад
mantaaaaaf.... pangersa..! pangeling-ngeling kanggo urang sunda sakur nu micinta kana lagu-lagu karya sang maestro Karawitan mang Koko (H. Koko Koswara)
@yatisapariah5756
@yatisapariah5756 4 года назад
Duuuh meni hoyong tiasa ngacapi ninggal panangan mang koko meni tos fasih kitu
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Atuda da anjeunna mah tukangna kana seni Sunda, Sang Legénda.
@cornermania6159
@cornermania6159 Год назад
Akhirna tiasa ningal mang koko ngacapi... Sanaos tos ngantunkeun karya na tetep langgeng.... Hatur nuhun admin.....
@BagaraPutera
@BagaraPutera Год назад
Deudeuh teuing Kasepuhan Seni Sunda keresep sim Kuring, mugia Anjena di Alam Barzah kengin KadeudeuhNa Ridho Allah
@denisupriatna479
@denisupriatna479 4 года назад
Inget jaman SD baheula pelajaran karawitan
@dadangamirsholikin2326
@dadangamirsholikin2326 4 года назад
mudah -mudahan sing enggal aya generasi muda nu neraskeun perjuangan Anjeuna aamiiin
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Aamiin.
@barrabegundal3677
@barrabegundal3677 2 года назад
jadi hoyong muih k sumedang larang,,,mari kita musdik pemirsah,,
@ramdaniikhsan120
@ramdaniikhsan120 8 месяцев назад
😭😭😭Teu karaos cisoca nyurucud kana pipi, nusuk pisan kana manah suanteun jentreng kacapina....
@solehsukmana4438
@solehsukmana4438 3 года назад
Alhamdulillah tiasa nongton vidiona. Hatur nuhun.
@mulyaphoto4488
@mulyaphoto4488 2 года назад
Mng koko .legenda urang sunda
@nazarudinazhar73
@nazarudinazhar73 4 года назад
Dokumentasi langka! Nembean abdi ningal video Mang Koko ngacapi...
@mulyaphoto4488
@mulyaphoto4488 2 года назад
Duhh ...mang koko ...
@dongengmgr
@dongengmgr 4 года назад
Sang maestro
@robywessqorni346
@robywessqorni346 Год назад
Maestro
@ruhimatmulyadi3864
@ruhimatmulyadi3864 3 года назад
Pa Koko Koswara nyeples we pun bapa (alm). Ibu Hj. Ida dina taun 80-an. Emh ... kari waasna we, lalakon basa ngungsi Galunggung! Bet ngalacir saparan-paran harita teh.
@opayonosomantri4605
@opayonosomantri4605 4 года назад
Mugia rahmat magfiroh miwah ridho Allooh Swt salawasna nyarengan mantenna di alam kalanggengan, rupaning karyana natrat manpaat dunya rawuh akherat,,,, Aamiin yaa robbal 'alamiin
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Aamiin Ya Robbal Alamin.
@depisupriatna6207
@depisupriatna6207 4 года назад
Duh alhamdulilah tiasa ningal the legen kacapi ..mugia budaya sunda tras nanjeur...oge alm..tenang dina pangkonan Allah,swt.Aminnn yra
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Aamiin.
@kangsyam2187
@kangsyam2187 4 года назад
Alfatihah kanggo mang koko
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Aamiin.
@ukatsukatma2135
@ukatsukatma2135 4 года назад
Waas Mang Koko. Lah eta teh Ida keur geulis teh soantena mani raoseun. Punten sim kuring sono kana lagu "ngungsi" manawi aya rekamanana.
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Rupina ngaplod kawih-kawih sanggian Mang Koko ayeuna mah kedah widi heula ka kulawargina.
@tohirmaulanatohirfitnes969
@tohirmaulanatohirfitnes969 2 года назад
Ieu asli
@AkoerLah
@AkoerLah 2 года назад
Aslina pisan.
@yandiyandi6265
@yandiyandi6265 4 года назад
Duh htr nuhun pisaan...Kenging timana ieu juragan.....??? Hebat....kitu Mang Koko ngacapi na....teu lepat disebat sang maestro teh......nembe uninga pribados...mah.....
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Nyanggakeun, da rupina jarang nu kantos ningal langsung Mang Koko ngacapi. Nu seueur teh mung hasil karya-karyana.
@simkuring4445
@simkuring4445 4 года назад
😭😭😭😭😭😭😭 sedih pisan jadi emut ka almarhum bapak anu kacida resep na kna ngacapi ,,asa ku matak waraas aya di nagara batur ,,ngupingkn jentreng na kacapi sreng kawih na
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Janten sanes ka Mang Koko-na? Pokona ka sakur nu ngacapi we nya? Soalna ieu video nu langka pisan, jarang aya ningali Mang Koko Sang Maestro karawitan ngacapi langsung. Seuseueurna mung ngadangukeun hasil2 karyana.
@simkuring4445
@simkuring4445 4 года назад
@@AkoerLah leres ,, ti ka pungkur mung nguping namina wungkul eta ge saur almarhum bapak,, nme ayeuna ningal jalmina anu sok ngacapi teh,, teu patebih yuswa na sareng almarhum,, Alhamdulilah ku ayana video ieu janten terang ,, nami na mang koko teh ,, sukses terang kang
@simkuring4445
@simkuring4445 4 года назад
@@AkoerLah 🙏🙏🙏🙏🙏
@paondi6085
@paondi6085 4 года назад
Kawih2 ciptaan bpa koko almr, teh kalandep pisan sim kuring, mugia anjeuna cing aya di sagedengeun mantena aminn.
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Aamiin Ya Robbal Alamin.
@ododkaryana5577
@ododkaryana5577 3 года назад
Nguniang ti indihiang padudung di kota bandung,
@mumukosasih746
@mumukosasih746 4 года назад
Mugia anjeuna aya dina pangogo-Na. Di alam kuburna. Afatihah! Hatur nuhun tos nayangkeun ieu pidio. 🖒🙏
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Aamiin Ya Robbal Alamin.
@GalianLaguLaguIndonesiaLama
@GalianLaguLaguIndonesiaLama 4 года назад
Hade pisan..👍👍👍👍
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Hihi...kumaha Pin ti Adsense teh tos aya?
@GalianLaguLaguIndonesiaLama
@GalianLaguLaguIndonesiaLama 4 года назад
Teu Acan kang...ngantos knh
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Sabar...sabar...😀
@akhmadpatahudin7282
@akhmadpatahudin7282 Год назад
Sae pisan admin👍punten nyungkeun izin abdi ngangge video sabaraha detik🙏
@AkoerLah
@AkoerLah Год назад
Mangga wae.
@radjatopi6340
@radjatopi6340 4 года назад
Alhamdulillah.. haturnuhun kang Informasi na,janten rada caang ayena mah teu poekeun teuing,kamari mah mung uninga lagu" na,Al Fatihah kanggo mang Koko alm
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Aamiin.
@ariefrasjid1737
@ariefrasjid1737 6 месяцев назад
maestro
@dadengpandawa9597
@dadengpandawa9597 4 года назад
Kawih gelenyu ge ari dipirig ku maestrona mah meni hegar kitu...
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Gelenyu, Reumbeuy Bandung atawa Rayak-Rayak?
@dadengpandawa9597
@dadengpandawa9597 4 года назад
Alhamdulillah... Pamendak abdi mah gelenyu teh nami tina wanda pirigan min...punten bilih abdi lepat nya
@ukay9722
@ukay9722 3 года назад
@@AkoerLah jenis Pirigana kang gelenyu teh snes judul 🙏
@jajangnasepudin9750
@jajangnasepudin9750 3 года назад
Maestro seni
@adenkeychannel3141
@adenkeychannel3141 4 года назад
Sukses terus admin yg slalu menjaga budaya daerah👍
@cecepkeylan4976
@cecepkeylan4976 4 года назад
Kantos amengan ka Cisayong nu caket Indihiang ari pek teh mendakan jalan Mang Koko, duh ieu tempat nu ber- Sejarah kanggo Mang Koko teh. Moal salah palih dinya Bumi keluarga Mang Koko nuju anomna.😄
@GalianLaguLaguIndonesiaLama
@GalianLaguLaguIndonesiaLama 4 года назад
Nineung eta lagu Reumbeuy Bandung...
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Reumbeuy Bandung atawa Rayak-Rayak?
@GalianLaguLaguIndonesiaLama
@GalianLaguLaguIndonesiaLama 4 года назад
@@AkoerLah rupina direumbeuy..rayak rayak sareng reumbeuy bandung
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
@@GalianLaguLaguIndonesiaLama tiasa ogé Gelenyu.
@jonilaudy371
@jonilaudy371 4 года назад
Nineung ngadangu ari ngadangu Kacapi mang koko teh Sanaos abdi aya di jatim oge Janten weh hoyong mudik
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Da video Mang Koko nu nuju ngacapi mah jarang, asana nembe ieu di Yutub mah. Pami hasil2 karyana seueur.
@agussyarip
@agussyarip 4 года назад
@@AkoerLah Yaktos pangersa
@dongengmgr
@dongengmgr 4 года назад
Wengi kamari putrana talk shaw d smtv sumedang pangersa.
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Muhun, Teh Ida Rosida sareng Ujang Bedzo.
@asepnetral6004
@asepnetral6004 4 года назад
Abdi wae ti tasik teu gaduh videona,, htrnhn kang,,, sukses canell na...
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Sami-sami. Rupina ti Indihiang?
@asepnetral6004
@asepnetral6004 4 года назад
@@AkoerLah abdi lresan ponpres suryalaya kang.
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Di Pagerageung? Pan kamari aya Ustadz Abdul Somad ceramah.
@asepnetral6004
@asepnetral6004 4 года назад
@@AkoerLah mhun, abdi teu ka bujeng kaditu, sibuk ku padamelan,,hehe
@tisnakamisyah6518
@tisnakamisyah6518 4 года назад
Déwa Kacapi!
@AgusHermawan-ym9qs
@AgusHermawan-ym9qs 5 дней назад
❤❤❤❤😂😂😂
@agoessaepoedin3477
@agoessaepoedin3477 4 года назад
Idola 😍
@indradermawan7898
@indradermawan7898 3 года назад
Aduh punten kang naon ieu judulna ,anu di pidangkeun ku Bu Ida Rosida 🙏
@AkoerLah
@AkoerLah 3 года назад
@Indra Dermawan : Pami teu lepat mah Rayak-rayak.
@rioputra3632
@rioputra3632 4 года назад
Kagagas pnten dupi ieu thn sbarha?
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Saur Teh Ida Rosida mah taun 1981-1982 pami teu lepat mah.
@candyshop1634
@candyshop1634 5 месяцев назад
dupi ieu lagu na naon wae nya kang
@AkoerLah
@AkoerLah 5 месяцев назад
Rayak-rayak
@nasrul856
@nasrul856 Год назад
Punten ari judul kawih na naon kang
@AkoerLah
@AkoerLah Год назад
Asana mah Rayak-rayak.
@pandabeargachaclestine6639
@pandabeargachaclestine6639 4 года назад
Teknik memetik kacapi sistem 10 jari
@AkoerLah
@AkoerLah 4 года назад
Kawas jaman ngetik mesin tik ku 10 jari. 😀
Далее
10 KOLEKSI KAWIH SUNDA MANG KOKO KOSWARA
46:29
Просмотров 103 тыс.
BU IDA: SAYA BANGGA LIHAT SUTISNA YANG SEKARANG
17:52
Просмотров 417 тыс.
Di Langit Bandung Bulan Keur Mayung : Mang Koko
6:48
SEMPAL GUYON - SWARANTARA
13:10
Просмотров 46 тыс.
Peuting Jeung Pangharepan -Tati Saleh
6:30
Просмотров 17 тыс.
Hamdan karya HR. Koko Koswara
6:26
Просмотров 39 тыс.