Beuh..inget baheula 1982 .Harita kuring anggota atlet rombongan Kontingen wilayah 3 ( Cirebon,Indramayu,Majalengka,Kuningan) persiapan lomba PORSENI (Pekan Olah Raga dan Seni) Departemen Agama di Sukabumi. Kumpul dilapang ngabaris regu atlet putra misah masing2 ti barisan regu atlet putri,kitu oge Beus Rombongan atlet putra ,putri masing2misah.Kuring aya disisi barisan regu beulah katuhu kuring barisan Regu atlet putri..ngareret ka katuhu pisan...duh saha eta meni Geulis...atlet naon,urang mana,sakolana dimana. Kuring mikir .kumaha carana supaya bisa kenal,,ningali manehna ti luhur rambut samoe sapatuna....nah! Kabeneran tali sapatuna kendor tungtung tali sapatuna nepi ka ngarumbay nyangsar kana taneuh..cek kuring.#.Awas tali sepatunya keinjak bari nunjuk sapatuna# kuring silih reret ..ya boy Masya Allah ( cek kidungna Rhoma Iraha...ehh..Irama!) Singkat carita nepi Sukabumi,diteang teu katimu deui.(sakieu wae lah..panjang teuing)